SENI JAIPONGAN

21 March 2010 21:25 WIB
 
0

Jaipongan hiji kasenian wanda kiwari hasil tina paduan seni tradisional nu dimodernkeun, alhasil buah karya kreativitas seniman asal Bandung Gugum Gumbira. Perhatianana kana kasenian rakyat nu salah sahijina ketuk tilu nu dipola kana gerak ibing nu nyampurkeun  pola-pola gerak tari tradisi  Kliningan/Bajidoran atau Ketuk Tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragam gerak  mincid tina kasenian tadi cukup ngabogaan inspirasi keur dikembangkeun kana tari atawa seni anu ayeuna disebut Jaipongan.

Samemeh kabentuk seni pintonan eta, aya sababaraha pangaruh nu jadi kasang tukang lahirna tari jaipongan.  Di Jawa Barat  tari pergaulan  ngarupakeun pintonan anu teu leupas tina ayana ronggeng jeung pamogoran.   Ronggeng tina  tari pergaulan geus teu mancen gawe kana upacara tapi geus mintonkeun hiburan anu mere daya tarik ka kaum pamogoran.  Misalna wae dina tari Ketuk Tilu  nu kacida kentel seni ti masyarakat Sunda, tur populer dina taun 1916. ngarupakeun seni pintonan rakyat, kasenian ieu di dukung ku unsur unsur nu sederhana, waditra rebab, kendang jeung dua siki kulanter, tilu ketuk jeung goong.  Kitu deui dina gerak tari teu loba gerak baku, kostum ge nyerminkeun pakean rakyat.

Waktu ketuk tilu geus mimiti ditinggalkeun mantan pamogoran ngalihkeun perhatian masyarakat kana seni pintonan kliningan nu populer di wewengkon pantau kaler, di karawang, bekasi, purwakarta, subang jeung indramayu. Didinya nu tadina populer ku ngaran seni ketuk tilu, doger atawa tayub perhatianana dialihkeun kana kliningan nu istilah di wewengkon eta disebut Kliningan Bajidoran anu  pola tarina jeung ngayakeun pintonan eta kasenian teh mirip jeung kasenian memehna nyaeta ketuk tilu doger jeung tayub eta. Sawatara eta, di karawang mah rame ku  tari-tarian anu disebut Topeng Banjet kalawan pola gerak Bajidoran nyurup kana  tarian  Topeng Banjet ieu.  koreografis tarian eta masih nembongkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) anu ngadukung  unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha  ragam gerak mincid anu jadi dasar lahirna tari Jaipongan.  Munculna tarian karya Gugum Gumbira dina awalna disebut  Ketuk Tilu perkembangan, nu kadieukeunana disebut Jaipongan

Karya Jaipongan dimimitian ku populerna  tari “Daun Pulus Keser Bojong” jeung “Rendeng Bojong” anu kaduana ngarupakeun jenis tari putri jeung tari papasangan. Penari Jaipong harita nu muncul aya  Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awalna mah ayana tari jaipong eta jadi bahan gunjingan nu dianggap deukeut kana porno. Ngan bae loba jadi bahan omongan boh dimedia cetak jeung elektonik, malah kasenian ieu mingkin populer di masyarakat.

Lahirna Jaipongan mere sumanget gede keur para seniman  tari untuk keur leuwih aktif ngagali tarian rakyat nu samemehna kurang diperhatikeun.   Ku munculna Jaipongan dimanfaatkeun ku para seniman tari keur ngayakeun keurseus keurseus tari jaipong diunggal sanggar. Dipintonkeun ti mimiti dina hajatan nepi ka di pub pub malam keur pamikat nu lalajo.